Tunggara



Basa peuting harita, kiceup jeung gelenyu seurina anjeun nandakeun hiji kabungah hate nu kaluar tina jeroning sanubari ati.

Mapaes rasa, midangkeun kabungah nu taya watesna.

Teu lila ti eta, anjeun ngadangu warta nu teu raos kana manahna, ti saprak harita oge, anjeun robah, anjeun ngarasa dikhianat.

Sakiceup gelenyu nu ngendahkeun pameunteu anjeun, sirna katebak mega hideung moekan alam dunya.

Hariring nu asih, rasa nu bungah sirna, ganti ku dordar na gelap, dibarengan koceakna guludug.

Bral anjeun miang kakait ati, jungjunan kalbu.

Omat, montong melang montong salempang, sim kuring aya dina kajembaran ati.

Moal rek nyengceurikan anjeun nu geus miang ninggalkeun katunggaraan.

Comments

Popular posts from this blog

Tips memilih gelasan layangan.

Isi/makna lagu DOREMI