(Ngabojek) Panalungtikan Pa Lurah

Pa Lurah ngayakeun hiji panalungtikan sa-Kelurahan.
"Seklur, sok kadinya geura di bewarakeun ka warga ........., sakum na lalaki nu tos rabi sina ngarumpul isuk poe Ahad di lapang maen bal wanci panon poe rada haneut!" Pa Lurah nitah Seklur na.

Kocapkeun sadaya pameugeut nu tos rabi ngarempeul.

Pa Lurah : Hampura ka sadayana, sim kuring ngempeulkeun aranjeun teh mung saukur bade ngayakinkeun yen warga ieu Kelurahan teh lain anggota SUSIS kabeh.

Warga sakabeh : Ooooooooooooooooo (Unggeuk-unggeukan bari teu ngarti)

Pa Lurah : Tah ayeuna, anu sieun ku pamajikan sok baris di beh katuhu kuring! Anu teu sieun ku pamajikan nana baris di beh kenca kuring! (bari metakeun di bantosan ku Seklur).

Buriak, murudul eta mah sakabeh warga bararis di beh katuhu na Pa Lurah.

Pa Lurah : Kutaaaaaaaaaaaaaaannnnnnnnnnnnnn teh kitu!

*Banyol ti Kang Ibing.

Comments

Popular posts from this blog

Tips memilih gelasan layangan.

Isi/makna lagu DOREMI