Rupi-rupi katuangeun

Jaman kiwari, tos ilahar sareng tos teu sangli deui. Mang rupi-rupi katuangeun sareng kadahareun diayakeun, boh ti luar nagara atanapi ti jero. Lamun ceuk bahasa keren namah, kadahareun luar teh sok disebut oge junk food, tapi anehna sok dibareulian wae. Tapi estuning da ngeunah euy kadahareun luar nagara teh. Nya kumaha salera na sewang-sewang eta mah.



Nyakrek, tah eta koncina kadahareun mah. Masing geus baleuy oge, estuning dituang na teh raoseun sareng nikmat, dicocol kana sambel tomat atawa cabe, nambah nikmat sareng ngajak ngesang tah, etang-etang olah ragi saur na mah.



Ngan anggeur, keur pribados mah, katuangeun ti lembur anu pang raos na mah. Sapertos, siomay (duka timana tah kawitna eta katuangeun teh, tapi da tos nga'akar dilembur teh), baso tahu, kupat tahu, ketoprak, gado-gado, pecel, sareng sarupaning katuangeun ti lembur (maksad lembur teh, nyaeta lembur lemah cai, Indonesia Raya tea).



Alhamdulillah, kuraos na dipasihan nikmat ti hyang widi, urang ulah hilap kanu sabeulaheun imah, boh bilih teu mendak sangu atanapi kejo, sok pasihan. Tong teubih-teubih ngemutan di Afrika sagala, nu penting na mah jiwa sosial urang tetep dijaga bere'an, saeutik lumayan jang nu teu gaduh mah, ganjeul-ganjeuleun patuangan.



Insya Alloh, ku sikeup urang anu ngarti kaayaan sakitarna, mudah-mudahan barokah sareng nyandak manfaat.



Raos dituang ku urang, moal tangtu raos didanguna kunu lian na.

Comments

Popular posts from this blog

Tips memilih gelasan layangan.

Isi/makna lagu DOREMI