Dipikir-pikir, ditimang-timang

Geus sababaraha lila urang sakabeh teh direrewong ku cakcak jeung buhaya anu antukna mah kalahkeun jadi pada aral dua nana, anu nyebut cakcak teu nampa, anu disebut buhaya saestuna kalahka adigung adiguna teu pararuguh kadituna. Eta parsoalan geus dianggep beres ku sabahagian rahayat, tapi duka tah lamun aya keneh unek-unekna nu matak buteuk kana sirah aranjeuna, tapi estuning geuningan Instrumen na cakcak teh arek di revisi hawar-hawar ngadangu wartos mah. Lah mantak ngajajahat duit rahayat ceuk sim kuring mah. Geus heula eta pake nu geus aya, da ceunah na mah masih keneh valid dipake jeung teu mantak patojaiah jeung unggeuran dasar, apanan mantak kitu oge geus diuji sababaraha kali kunu berwenangna.



Ayeuna, sababaraha minggu katukang urang direrewong deui wae ku komodo. Inggis bararingung kana mastakana oge. Tapi da estuning kuring basa taun 2010 geus milu voting di Internet, jadi geus teu kudu deui SMS lah. Lain ku saperak-perakna, atuh kudu puguh ari itungan mah, asa piraku lamun saurang ngirim sababaraha SMS tapi masih keneh diitung, asa teu asup akal kuring mah. Lamun hiji nomer hiji suara mah kaharti keneh, tapi jigana eta teh mantak payu kana kartu perdana nya euy? Halah balangsiang teh, asa eweuh mendingna. Jeun wae, eta mah da hak maranehan nana ieu. Tong sok pipilueun da baroga teteugan manah na sewang-sewang.

Ieu parsoalan komodo teh aya alusna oge, ceuk hiji beja anu bisa dipercaya eta yayasan teh, teu puguh jujutan nana, tapi ceuk hiji beja deui, da cenah ayeuna mah jaman digital, geus teu kudu kantor-kantor-an lah pokona mah bukti yen lamun komodo goal asup jadi jawara, tah pastina pariwisata teh ngaronjat jadi 3-4 kalina. Tapi geuningan alus eta jalma nu ngobrol teh, ksatria pisan nampik kana parsoalan bari bisa ngajenan jeung teu matak nyeri hate batur. Tapi duka da ari kuring mah ti mimiti oge geus teu hayang pipilueun da enggeus kitu milih na oge. Lamun disebut teu bela lemah cai da salah euy, da rek kamana deui kuring milampah jug-jugeun lain di Indonesia mah. Duit didieu oge masih keneh kurang, komo kudu luncat ulin ka nagara deungen mah. Duit timana horeng atuh.

Lamun nincak kana ngaronjatkeun permasalahan pariwisata, ceuk sim kuring mah loba keneh cara, kahiji, ronjatkeun pangwangunan di eta daerah saperti caina, listrikna, jalan na jeung sajabana; kaduana nya berdayakeun masyarakatna ku pendidikan, katiluna nya puguh atuh kudu bener jujutan nu marenatahna eta maranehan nana aya teu niat ngamajukeun daerahna.

Terus lamun dipikir-pikir deui, permasalahan urang teh teu komodo hungkul atuh euy, anu geus puguh wae anu mantak ngahasilkeun mah apanan kebon sawit tah, eta cenah persoalan orang utan apanan anu dibasmi teu pugah teu puguh da dianggeup hama ceu nu garableug kebon teh. Tah eta pikiraneun urang balarea deui teh, atuh nya ceuk urang mah eta kebon geus puguh ngahasilkeun, coba atuh diatur-atur sangkan teu ngarugikeun habitat anu geus puguh didinya.

Hampura kabalarea anu maca ieu posting, aya ku nikmat geuning nulis make bahasa indung teh, asa tugeunah jeung kaungkap kabeh. Keun wae atuh isukan jaganing geto urang tarjamahkeun kana bahasa nasional. Mudah-mudahan urang balarea aya dina tangtayungan manteun na. Amin

Comments

Popular posts from this blog

Tips memilih gelasan layangan.

Isi/makna lagu DOREMI